|

Lirik Lagu Sunda


MAWAR BODAS

Mapay jalan satapak ngajugjug ka hiji lembur
Henteu bari kacape saba aya nu diteang
Hujan angin dor dar gelap taya pisan keur nyiuhan
Sanajan awak rancucut beut asa karunya teuing

Pajar cenah asal nepi ka tempat anu di tuju
rek ngalongok mawar bodas teupang nu jadi impian
Sugan tea moal gagal kembang teh aya nu boga
Balik ge jiga haleuang lempangna jiga ngalayang

Ref 1:
Teu ditebak ti anggalna, teu dipikir titadina
Anjeun ulah nyeri hate lantaran ta can pasini
Neangan pipanyakiteun.....Neangan pipanyakiteun.....

Ref 2:
Teu kasawang ti anggalna, Teu kapikir ti tadina
Lamun bakal nyeri hate Hoream teu sudi teuing
Mikiran pipanyakiteun.....Mikiran pipanyakiteun.....


URANG SUNDA

Doel Sumbang

Urang sunda ka marana
Urang sunda di marana
Urang sunda, urang mana
Urang sunda, Anjeun saha

Naha ngan saukur nu ngeusian Pulau Jawa
Naha ngan saukur lalajo bari tumenta
Gancang geura hudang buka ceuli buka mata
Geura tembongkeun urang sunda oge bisa

Tembongkeun urang ge bisa mela nagara
Tembongkeun urang ge bisa jadi pamimpin
Urang ge bisa nangtung ajeg jeung kawasa
Lain saukur bisa unggut jeung kumawula

Si Kabayan urang sunda
Urang sunda lain Si Kabayan
Si Kabayan urang sunda
Urang sunda ulah jadi si Kabayan

Anu karesepna ngan ukur ngagere ceuli
Anu karesepna ngan ukur heuay nundutan
Anu karesepna ngan ukur diuk ngalamun
Atawa calangap ngitungan bentang di langit

Mun urang kabeh reueus jadi urang sunda
Pikiran deui naon nu dipikareueus
Lamun urang sunda kabeh jadi si kabayan
Kuring melang hiji waktu urang kababayan
Urang bakal kababayan, ukur bisa kababayan, salawasna kababayan

Si Kabayan urang sunda
Urang sunda lain Si Kabayan
Si Kabayan urang sunda
Urang sunda ulah jadi si Kabayan


ULAH CEURIK


Cag didieu
Cag seumeut dieu
Lalakon cinta nu urang

Teup anteupkeun
Tong di guar deui
Carita cinta nu peugat

Najan ka gandrung sa gunung
Najan duriat sa jagat
Kadeudeuh nu nyangreud
Ahirna urang pipisah

Rek ka saha
Rek ka urang mana
Geura milari geuntosna

Cig ka kidul
Cig ka kaler
Ngulon ngetan moal nyaram

Tos teu aya kakaitan
Antara urang duaan
Lain anjeun lain akang
Urang geus lain lainna
Lain….

Ulah ceurik
Tong diceungceurikan
Tarimakeun janten rangda
Akang pasrah jadi duda
Da geuning kieu kuduna
Urang teu bisa kumaha

Ulah ceurik
Tong diceungceurikan
Wayahna urang papeugat
Najan hate masih beurat
Pileuleuyan, pileuleuyan
Hampura, Akang hampura


AMPARAN SAJADAH


Dina amparan sajadah
Abdi sumujud pasrah
Diri nu lamokot ku dosa
Nyanggakeun sadaya daya

Dina amparan sajadah
Abdi sumujud pasrah
Mundut panghampura Gusti
Ya Allah Robbul 'izzati

Taya deui
Panglumpatan
Taya deui
Pamuntangan
Mung Allah pangeran abdi
Pangeran anu sajati


AYUN AMBING


Deungkleung dengdek
Anaking jimat awaking
Geura bobo... Panutan kalbu
Ema hidep aya di pangumbaraan
Nyiar rizki buburuh jadi TKI

Deungkleung dengdek
Anaking di ayun ambing
Ulah rungsing... tepung jeung peuting
Anggur nyaring na mangsa keur sepi jempling
Ngadu'a Ema hidep enggal mulang

Ukur cimata nu jadi ubarna
Rasa kasono... teu weuleh ngadodoho

Sanajan urang paanggang
Hate mah paanjang anjang
Sanajan urang papisah
Ka Gusti Urang sumerah diri
Kieu buktina
Kedah kieu nasibna
Share :
Comments
0 Comments

0 komentar:

Posting Komentar

 
© Copyright Internet Bebas 2010 -2011 | Published by Borneo Templates | Powered by Blogger.com.